Pinunjul 1 pasanggiri Virtual Kawih Sunda mang Koko_Lir Laut Katut Biruna_Mang Koko
KARAWITANNESAS Media KARAWITANNESAS Media
2.62K subscribers
2,597 views
50

 Published On Jan 23, 2023

Eva Purnama Dewi

LIR LAUT KATUT BIRUNA

Sanggian Mang Koko
Rumpaka Agus Sur

Nyaynyayan di jalan miang

Kundang karep muru handaruna Bandung
Aya sababna pangna kudu miang
Nilar gumenclangna teuteup... indung
Indit nyungsi wijining kaluhung
Duh... aduh sampiung manggung


Reupreupan di jalan mulang

Kundang kangen muru ronghéapna indung
Aya sababna pangna kudu mulang
Sujud na pangrampés asih... indung
Mulang sabab katineung ngagunung
Duh... aduh aweuhan lisung

Antara miang jeung mulang
Untuyan dunga jeung dunga
Amparan asih jeung asih... aduh
Asih jeung asih

Antara anak jeung indung
Lir laut katut biruna
Lir peuting reujeung béntangna
Lir peuting reujeung béntangna
Reujeung béntangna

Nyaynyayan di jalan miang

Kundang karep muru handaruna Bandung
Aya sababna pangna kudu miang
Nilar gumenclangna teuteup... indung
Indit nyungsi wijining kaluhung
Duh... aduh sampiung manggung

Reupreupan di jalan mulang

Kundang kangen muru ronghéapna indung
Aya sababna pangna kudu mulang
Sujud na pangrampés asih... indung
Mulang sabab katineung ngagunung
Duh... aduh aweuhan lisung

Antara miang jeung mulang
Untuyan dunga jeung dunga
Amparan asih jeung asih... aduh
Asih jeung asih

Antara anak jeung indung
Lir laut katut biruna
Lir peuting reujeung béntangna
Lir peuting reujeung béntangna
Reujeung béntangna

show more

Share/Embed