Wayang Ramayana | Kumbakarna Gugur
Fosfour / XII Science IV Fosfour / XII Science IV
23 subscribers
129 views
8

 Published On Oct 4, 2024

Halo sadayana!🙌 Perkenalkan, kami ti kelas XII Science 4.☝️ Dina video ieu, urang maénkeun wayang Ramayana: Kumbakarna Gugur.😍🤏

Dina video ieu, urang nyaksian carita tragis Arya Kumbakarna, saurang pahlawan ti karajaan Alengka Dirja. Kalawan awakna anu gedé jeung katurunan Buta, Kumbakarna nyaéta adik ti Rahwana, raja Angkara Murka, anu kasohor kejam. Nanging, béda ti Rahwana, Kumbakarna ngagaduhan jiwa anu saé sareng pisan mikacinta ka keluargana.

Carita ieu ngagambarkeun konflik batin Kumbakarna nalika nyanghareupan Rahwana anu kapangaruh ku kaserakahan jeung ambisi. Kumbakarna usaha pikeun nyarita ka saudarana sangkan henteu ngalawan Sri Rama, tapi Rahwana malah ngusirna. Momen puncak kajadian nalika Kumbakarna kedah tarung ngalawan adik seperguruanna, Gunawan Wibisana, anu milih berpihak ka kabeneran.

Saksikan kumaha pertempuran épik ieu berujung ka nasib tragis Kumbakarna, anu kapaksa ngalawan babaturan jeung kulawargana demi kahormatan sareng nagara. Dina perang ngalawan Laksamana, Kumbakarna némbongkeun kawani sareng pangorbanan anu jero, nepi ka ahirna anjeunna manggih ajalna. Naha Kumbakarna bakal mendakan karaharjaan sateuacan ahir hirupna? Temukan jawabanna dina carita anu pinuh ku émosi jeung harti ieu.

Ulah hilap pikeun
• Like 👍🏻
• Comment 💬
• Subscribe✅.

show more

Share/Embed